Novel Basa Sunda- Hidep kungsi lalajo film Laskar Pelangi atawa Harry Potter? Duanana ge diangkat tina novel. Film Laskar Pelangi diangkat tina novel Laskar Pelangi karangan Andrea Hirata, sedengkeun Haryy Potter diangkat tina novel Harry Potter karangan J.K Rowling. Nu hiji tina novel bahasa Indonesia, nu hiji deui tina novel basa Inggris. Laju patalekan satuluyna, ari hidep apal naon ari novel? Kungsi maca novel? Tangtu wae apal mah nya. Piraku deui can kungsi maca. Ngan naha kungsi, maca novel basa Sunda? Tah, ieu mah sigana aya nu kungsi aya nu acan.Mun anu kungsi, cing kungsi maca novel basa Sunda judulna naon? Saha pangarangna? Kumaha eusi caritana? Pek caritakeun di harepeun babaturan sakelas! tah, keur anu acan, ayeuna hayu urang neuleuman novel basa sunda! Mun geus apa, mugia wae diantara hidep aya nu bisa ngarang novel. Manakomo mun novelna bisa jadi best seller di toko buku, tuluy aya produser anu katajieun hayang ngangkat carita jadi film. Dina henteuna, hidep bisa jadi apresiator novel anu hade. Bisa jadi jalma anu bisa ngahargaan kana karya sastra. Pangpangna bisa ngajenan kana hasil karya batur.
Ieu di handap aya sempalan novel Demung Janggala karangan Tatang Sumarsono. Ku lantaran panjang, ieu dihandap dicutat sempalanana. Pek baca ku hidep sing gemet!
Isukna di dayeuh ibur, aya karamanan ampir nyulusup ka padaleman. Perjurit dikeprak sangkan leuwih taki-taki, ulah tepi ka kabongohan ku anu nyiliwuri. Meh saban tempat diasrek, dipariksa,bisi aya anu matak curiga. Geus puguhing jalma anyar pinanggih anu ngaliwat ka dayeuh mah, kabeh dikumpulkeun di alun-alun, bisi aya diantarana anu bakal jadi ulon-ulon kaributan.
Kitu deui tempat urut begalan patina Mamang Dargasabatur-batur,dipariksa gemet pisan. Jungkrangna diturunan, gerembelna dicacaran. Tapi tetela bangke karaman tah henteu kapanggih. Ukur aya urutna;ledug jeung pinuh ku getih.
“Yakin silaing, Darga yen si bangsat teh geus modar?” Juragan Patih mariksa ka bawahanana anu peuting tadi kabagean jaga.
“Leres, Juragan.Ku tiluan dicehcer, dugi ka awaknarangsak. Lajeng manehna ragrag ka dieu. Kakuping pisan ngagebutna oge,” tembal prajurit Darga.
“Tapigeuning ayeuna euweuh buktina!” ceuk patih Sungsang.
Sarerea taya anu ngabijilan carita, ukur silih pelong.
“Mun enya modar kudu aya bangkena atuh!”
“Rupina tos seep direcah ku ajag, Juragan Patih,” omong Darga.
“Naha enya, kitu? Cing saha anu peuting tadi ngadenge ajag babaung di lebah dieu?” Juragan Patih nanya ka perjurit nu araya didinya.
“Abdi Juragan. Eces pisan kakuping ti rorompok, kinten-kinten tos ngagayuh ka tengah wengi,” tembal salah saurang perjurit.
“Leres abdi ge tos taki-taki bilih ngaranjah deui ingon-ingon sapertos anu kajantenan dina minggu pengker,” omong anu sejen.
“Ajagna hanjat ka lembur?” Patih Sungsang mariksa deui?
“Anu mawi, teu aya. Dugi ka subuh abdi ngintip di buruan, tapi lebeng teu aya nu nembongan. Kakuping babaungna teh mung dugi kaleresan ieu jungkrang.”
“Jadi ku ajag nya? Tapi naha mani teu nyesa saeutik-eutik acan,” omong Juragan Patih Sungsang bari gogodeg.
“Rupina ajagna seueur, Juragan, margi sakali ngabubuhan teh sok dugi ka aya welasna. Malih likur, ketang,” omong Mamang Darga, pikeun ngayakinkeun dununganana.
Kusabab buntu teu manggih raratan, ahirna mah maranehna unggah deui tina dasar jungkrang.
“Kade , di wates dayeuh ulah aya anu balangah. Ulah tepi ka kajadian kawas peuting tadi. Aya karaman asup tapi teu kanyahoan,” omong Juragan Patih bari clak mancal kudana.
Puguh wae di dayeuh teh beuki harengheng. Karasa pisan tagiwur jeung matak bangreungna. Keur mah perjurit anu miang ka pakidulan oge tacan marulang deui, katurug-turug di tempat anu nampeu ka padaleman aya riributan. Atuh sarerea diperih pati sangkan leuwih iatna.
Listayu oge pipikiranana ngarasa kaweur. Sabab, dihenteu-henteu oge, apan manehna anu jadi biang ririweuhan teh. Kumaha pibalukareunana lamun seug Pangawulaan uningaeun kana kajadian anu sabenerna, omongna dina jero hate.
Kitu deui si Ibi. Manehna ngarasa tagiwur ku dua ku tilu. Kumaha lamu ahirna kaboker yen anu jadi sumber mamala teh ayana di imah aing, ceuk pamikima. Enya, pan sidik yen Raden Emung diteangna ku gulang gulang teh ti imah aing pisan.
Lian ti eta, manehna ngarasa sedih anu pohara. Masing kalah kumaha oge si Ibi ngarasa yakin pisan yen anu datang teh budak asuhanana bareto. Tapi naha Nden Ayu jiga anu teu asak jeujeuhan? Kalah der ngutus gulang-gulang.
Deudeuh teuing, Raden, satebih-tebih bade napangan tuang raka, tapi bet kalah disampakkeun pati. Naha atuh Raden nanasiban salira teh bet salamina katiderasa. Hapunten Ibi Raden. Ibi tos satekah polah midamel tarekah su[ados Nden Ayu percenteneun yen Raden jumeneng keneh. Tapi gening teu tiasa.
Lamun keur nyorangn, Si Ibi remen ceurik bangun anu kanyenyerian. Manehna remen ceurik bangun anu kanyenyerian. Manehna keukeuh ngarasa dosa, sabab teu bisa nepungkeun hiji adi ka lenceukna anu geus papisah welasan taun.
Hiji poe, waktu Si Ibi rek balik ka imahna, manehna kacida ngarenjagna barang nenjo jelema keur ngalangsud lebah golodog dapurna. Meh bae ngoceak,lamun ituna teu kaburu malik terus nyanghareup ka manehna mah.
“Raden....,” pokna bari terus nyampeurkeun. Anu keur ngalangsud teh ku manehna dijungjungkeun lalaunan. Rupa-rupa rasa pagalo dina dadana. Sieun aya, watir aya.
“Ibi....,” omongna laun. “Naha tega hianat ka kami?”
“Raden,” omong Si Ibi tandes, najan sorana laun. “Sanes Ibi, tapi tuang raka.”
Demung melong. Sorot panonna geus mimiti surem. Papakeanna geus rubat-rabet, balas tikakarait. Beungeut na oge haropak tur kacida kucelna.
“Enggal ka lebet,” omong Si Ibi. Ceuk angkaanana, di luar mah inggis aya nu nganyahoankeun.
Da puguh geus teu bisaeun nangtung-nangtung acan, waktu dibawa ka jero teh mani teu sirikna disesered. Sanggeus aya dijero, pribumi gura-giru nutupkeun deui panto. Aya kaaneh anu harita nyampak dina dirina, sangkilang keur nyanghareupan jelema anu dipikanyaah ti bubudak dina kaayaan tatu parna, Si Ibi geus teu hayangeun deui ceurik. Bisa jadi geus beak piceurikeunana.
Si ibi gancang naheur cai. Geus kitu terus nuras lebu keur ngumbah anu taratuna. Koreleng ka pipir, rek neangan babadotan keur naplokan anu raheut garudawang. Untungna teh teu dibarengan ku rasa geumpeur teu sing. Estu antare pisan sakur anu dipigawena teh.
“Naha Ibi rido ngurus kami anu geus batan sakieu?”
“Duh,menak, tong naros kitu, Lillahi taala Ibi ngarasanan salira teh.” Ceuk urut pangasuhna.
“Ibi, naha Si Aceuk bet kitu peta? Naha bet nitahan gulang-gulang pikeun ngaraponan kami?”
“Raden teh lepat hartos. Saleresna tuang raka mah taya maksad ngaraponan salira,” omong Si Ibi, bari terus ku manehna dicaritakeun deui, naon pangna Listayu nitahan gulang-gulang.
“Ibi da ayeuna mah geus kieu buktina, rek kumaha deui atuh? Si Aceuk angger nyekel pamadeganana, teu daekeun ngaku adi ka kami.”
“Sanes teu ngangken, Raden, tuang raka teh, tapi anjeuna teu acan ngaraos yakin. Apan kapalayna teh jonghok heula sareng salira. Namung, naha atuh Raden teu kersa wae napangan? Ibi oge ngaraos hemeng keneh, naon anu janten alesanna pangna Raden keukeuh teu kersa nepangan raka? Da sanaos Raden sumoing ka padaleman oge, sanggem Ibi mah da moal matak barubah ieuh, asal sumpingna sing lantip.
Demung ngahuleng sakedapan, najan ahirna mah teu burung nyoara, “Asa tacan waktuna lamun kamu kudu cacarita anu sajalantrahna pisan. Kieu wae atuh, Ibi, ayeuna mah. Kami boga barang anu kudu dipasrahkeun ka Si Aceuk. Jung anteurkeun ku Ibi, bari sakalian sebutkeun yen kami masih keneh aya didieu,” omongna teh bari kusiwel ngodokeun ramo kana jero sabukna. “Tah ieu,Bi!”
“Raden, ti mana kenging ieu barang?” Ceuk Si Ibi bari ngajenghok. Manehna apaleun pisan kana eta kongkorong anu cikeneh ditembongkeun ku urut asuhanana.
“Ibi apal kana ieu kongkorong?”
“Atuh kantenan. Eta teh kangkalung Enden anu dirampas ku begal anu nelah Demung Janggala tea. Tapi ayeuna, naha bet aya di panangan Raden?”
“Ibi, kadieu sing deuket,” omong Demung. Si Ibi diukna ngised. “Ibi, apan Demung Janggala teh kami tea.”
Jeleger!! Lir gelap tengah poe ereng-erengan anu nyamber kana emun-emunan. Barang ngadenge kitu, bis wae Si Ibi tijengkang. Naha bet asa beuki teu pikahartieun ieu teh?
“Ibi, jug bejakeun ka Si Aceuk yen Demung Janggala teh Surapamungkas tea. Bejakeun deuih yen kami aya di dieu bari geus taya peta pikeun naon-naon, komo ngalawan mah. Tapi mun si Aceuk keukeuh wae hamham, pek embarkeun sangkan perjurit ti padaleman embrag kadieu. Kami moal ngejat, sabab geus ngarasa cacap kapanasaran. Geuning tarekah kami pikeun nepungan lanceuk anu jadi panyileukan beurang jeun peuting teh ukur bisa semet dieu.”
“Mangga ku Ibi bade didugikeun Raden,” omong Si Ibi. “Namung Ibi teh asa gaduh keneh kapanasaran, sarengna deuih bilih Ibi katarosan ku tuang raka.”
“Kumaha Ibi?”
“Naon margina Raden bet milih janten karaman?” ceuk Si Ibi, semu nu asa-asa.
“Kami hayang mulangkeun kanyeri. Kami teh asa diteungteuinganan deungeun, Ibi. Indung bapa kami tepi ka ayeuna taya raratanana. Kami nandangan kasangsaraan anu kacida panjangna, hirup kadungsang-dungsang. Kitu deui jeung lanceuk anu ngan eta-etana kapaksa jadi papisah. Anu matak, ti bareto keneh dina hate kami geus aya niat hayang mulangkeun kepeurih,” tembal Demung, sorana alon. Najan geus ngalempreh taya daya, tapi ari sumanget hirupnamah masih keneh katembong. “Jig ayeuna mah gera tepungan si Aceuk. Lamun manehna ngarasa panasaran, gura-giru datang kadieu. Sugan wae tali duduluran teh bis anyambung deui. Jeung poma kudu dibejakeun, kami mah moal ganggu kana kahirupan si Aceuk, da puguh ti anggalna keneh oge geus pada-pada milih jalan hirup sewang-sewangan .
Si Ibi unggeuk bari terus undur ka luar.
Anu tadi dibaca ku hidep teh sempalan novel Demung Janggala karangan Tatang Sumarsono. Disebut sempalan, lantaran henteu kabeh dituliskeun, da caritana kaitung panjang, kandel bukuna wae nepi ka 184 kaca. Mimiti dipedalkeun ku penerbit CV Geger Sunten dina bulan Agustus taun 1993 (Penerbit CV Geger Sunten).
Mun hidep hayang apal jalan caritana, tangtu wae kudu maca novelna, Hadena mun aya di perpustakaan sakola mah baca novelna, mun eweuh bisa nginjem ka nu bogaeun! Tapi sangkan hidep leuwih paham kana jalan carita, ieu di handap aya ringkesanana!
a) Identitas Novel
Judul : Demung Janggala
Pangarang : Tatang Sumarsono
Pamedal : Penerbit CV Geger Sunten
Taun Medal :1993 (Citakan ka-1)
Kandel : 184 kaca
Pangajen :Dilelr hadiah sastra Rancage taun 1994
b) Ringkesan Novel Demung Janggala
Eusina nyaritakeun kahirupan urang Sunda dina abda ka-17, satutas Dipati Ukur ditalukkeun ku Mataram. Palaku utamana Demung Janggala jeung Listayu.
Dina hiji poe Demung, Listayu, si bibi jeung Mamang Jalaprang kabur ti Dayeuh Ukur lantaran diudag-udag ku pasukan MAtaram. Anjog ka sisi Citarum, maranehna teu bisa meuntas lantaran cai keur umpal-umpalan. Musuh beuki ngangsrog,, nepika antukna mah patelak. Lantaran teu imbang, antukna Mamang Jalaprang tilar dunya harita keneh. Ari Demung, Listu, jeung si BIbi ditewak. Demung nu keur di gandong ku prajurit, wanian nyokot keris anu nogel dina cangkeng prajurit anu ngagandongna. Terus wae ditubleskeun, nepika prajurit teh tilar dunya. Demung tuluy kabur ngagebruskeun karep ka citarum. Ari Listayu, ku lantaran Listayu geulis, memeh dibikeun ka dununganna, ku prajuritna digadabah heula.
Untungna Listayu jeung si Bibi ditulungan ku saurang senapati ngarana Raden Sungsang. Manehna kacida ngjenghokna waktu apaleun yen Listayu teh anakna Raden Suranangga. Ku sabab Raden Suranangga pernah nulungan manehna baheula, Listayu jeung si Bibi teh dibawa ka dayeuh. Sagala kabutuhan Listayu dicumponan. Beuki dieu beuki sehat Listayu Teh, jaba teu kanyahoan beureuyeung (hamil). Unggal poe dipapatahan ku si bibi sangkan sabar. Sanggeus budakna lahir, Listayu dijodohkeun ku Raden Sungsang ka Cutak Cikalongwetan anu karek ditinggal maot pamajikanana.
Kacatur Demung nu kabawa palid kapanggi ku Si Bewos, rampang kahot. Kabeneran si Bewos teu bogaeun anak, nya Demung di kukut ku manehna. Nya harita dibere ngaran Demung teh. Sagala kahayang Demung dicumponan, kaasup dibere kuda meunang maling ku bapa kukutna. Demung ge diajarkeun numbak nu bapa kukutna. Teu karasa, Demung jadi pamuda anu gede kawani. Demung ge miluan ngabegal jeung ngarampog. Nu dirampokna menak di Dayeuh.
Nya dina hiji poe, Demung ngarampog awewe dina tandu anu sebenerna mah lanceukna Listayu. Ti harita Demung indit deui ka dayeuh, maksudna hayang ngayakinkeun yen lanceukna masih keneh hirup. Demung nyamar jadi tukang dagang. Lila-lila manehna manggihan Si Bibi, nya Demung nyaritakeun saha saenyana manehna. Mimitina si Bibi teu percayaeun, ngan antukna mah jadi percayaeun. Ku si Bibi kajadian panggih jeung demun teh dicaritakeun ka Listayu, ngan hanjakal Listayu teu percayaeun. Basa hiji waktu Demung manggihan, Listayu kalah nitah prajuritna keur ngusir Demung. Lila-lila Listayu ge percayaeun yen Demung teh adina. Waktu Demung paamprok jeung Listayu, salakina, Kanjeng Dalem tea datang. Nya ngobrol, yen maranehna teh lain rek megatkeun duduluran tapi kahirupan mah kauger ku aturan hukum. Demung kudu dihukum masing manehna dulur Listayu, sabab manehna geus remen ngabegal.
Sabada hidep maca sempalan jeung ringkesan novel Demung Janggala, sakurang-kurangna hidep boga gambaran kumaha ari nu disebut novel.. sangkan leuwih paham, ari novel Sunda teh nya eta novel nu ditulisna make basa Sunda. Novel teh sok disebut oge roman . Novel asalna tina basa latin, Novus (anyar), robah jadi kecap novellus, terus robah deui jadi novel. Ari anu disebut novel teh nya eta prosa rekaan (fiksi) dina wangun lancaran tur alur caritana ngarancabang (kompleks). Novel mah biasana tokohna loba, alurna panjang, lantarna laluasa, tur eusi caritana nyaritakeun kahirupan sapopoe. Langka novel nu eusina unsur pamohalan saperti dongeng.
Dina kamekaran sastra Sunda, Novel Basa Sunda teh dianggap karya sastra sampeuran tina sastra Walanda. Novel pangheulaan anu medal dina sastra Sunda judulna Baruang ka nu Ngarora karya D.K. Ardiwinata (19140. Leuwih ti tiheula ti batan novel dina basa Indonesia Azab dan Sengsara karangan Merari Siregar anu mimiti medal dina taun 1920. Memeh medal novel, dina sastra Sunda mah lolobana pangarang teh ngarang dangding jeung wawacan. Ti saprak wanoh kana wangun novel, pangarang teh mimiti loba nu ngarang novel.
Dina taun 1927, medal novel Siti Rayati karangan Muhamad Sanusi. Tuluy medal novel Agan Permas karangan Yuhana (1928) R.Memed Sastrahadiprawira (1930). Anapon dina taun 1940-an nepi ka taun 1950-an, medal dua novel Sunda : Gogoda ka nu Ngarora karya M.A Salmun jeung Marjanah karya Suwarsih Djojo Puspito. Tahun 1960-an, karya sastra dina wangun novel beuki mekar wae. Dina taun 1980-an, aya tujuh novel anu medal harita, diantarana: Buron karya Aam Amalia,, Cinta Pabeulit karya Edi D Iskandar, Bentang Pasantren karya Usep Romli H.M, Rini karya Yosep Iskandar, Ngepung Kahar Muzakar karya Adang s, Si Lamsijan Kaedanan karya ki Umbara, dan Mikung karya Abdulah Mustappa. Satuluyna dina taun 1990-an, medal novel karya-karya Yoseph Iskandar, Tatang Sumarsono, jeung Holisoh M.E. Ti harita novel Sunda teh beuki mekar wae. Ti taun 2000-1n nepi ka aeyuna, loba pisan novel anu medal karya pangarang Sunda. TEma caritana ge beda-beda, luyu jeung kaayaan sosial dina waktu nulisna.Novel Basa Sunda
Upama nilik jenglenganana, novel teh mibandu unsur atawa struktur instrinsik jeung ekstrinsik. Unsur instrinsik novel teh nya eta hal-hal anu aya patalina jeung kagemblengan carita dina novel, di antarana:
Mung sakitu pembahasan simkuring ngeunaan "Novel Basa Sunda" dinu ieu kasempatan. Cindekna jaman kiwari novel beuki mekar kaayaana, ku kituna urang kudu leuwih mekarkeun deui kaayaan Novel Basa Sunda sangkan novel basa sunda teh beuki loba panggemarna sarta bisa ngawanohkeun ragam budaya jeung basa Sunda ka balarea. Hatur nuhun.
A. Maca Novel Basa Sunda
Ieu di handap aya sempalan novel Demung Janggala karangan Tatang Sumarsono. Ku lantaran panjang, ieu dihandap dicutat sempalanana. Pek baca ku hidep sing gemet!
DEMUNG JANGGALA

B. Ngaguar Perkara Novel Basa Sunda

1. Wangenan Novel
Sabada hidep maca sempalan jeung ringkesan novel Demung Janggala, sakurang-kurangna hidep boga gambaran kumaha ari nu disebut novel.. sangkan leuwih paham, ari novel Sunda teh nya eta novel nu ditulisna make basa Sunda. Novel teh sok disebut oge roman . Novel asalna tina basa latin, Novus (anyar), robah jadi kecap novellus, terus robah deui jadi novel. Ari anu disebut novel teh nya eta prosa rekaan (fiksi) dina wangun lancaran tur alur caritana ngarancabang (kompleks). Novel mah biasana tokohna loba, alurna panjang, lantarna laluasa, tur eusi caritana nyaritakeun kahirupan sapopoe. Langka novel nu eusina unsur pamohalan saperti dongeng.
2. Kamekaran Novel Sunda
Dina kamekaran sastra Sunda, Novel Basa Sunda teh dianggap karya sastra sampeuran tina sastra Walanda. Novel pangheulaan anu medal dina sastra Sunda judulna Baruang ka nu Ngarora karya D.K. Ardiwinata (19140. Leuwih ti tiheula ti batan novel dina basa Indonesia Azab dan Sengsara karangan Merari Siregar anu mimiti medal dina taun 1920. Memeh medal novel, dina sastra Sunda mah lolobana pangarang teh ngarang dangding jeung wawacan. Ti saprak wanoh kana wangun novel, pangarang teh mimiti loba nu ngarang novel.
Dina taun 1927, medal novel Siti Rayati karangan Muhamad Sanusi. Tuluy medal novel Agan Permas karangan Yuhana (1928) R.Memed Sastrahadiprawira (1930). Anapon dina taun 1940-an nepi ka taun 1950-an, medal dua novel Sunda : Gogoda ka nu Ngarora karya M.A Salmun jeung Marjanah karya Suwarsih Djojo Puspito. Tahun 1960-an, karya sastra dina wangun novel beuki mekar wae. Dina taun 1980-an, aya tujuh novel anu medal harita, diantarana: Buron karya Aam Amalia,, Cinta Pabeulit karya Edi D Iskandar, Bentang Pasantren karya Usep Romli H.M, Rini karya Yosep Iskandar, Ngepung Kahar Muzakar karya Adang s, Si Lamsijan Kaedanan karya ki Umbara, dan Mikung karya Abdulah Mustappa. Satuluyna dina taun 1990-an, medal novel karya-karya Yoseph Iskandar, Tatang Sumarsono, jeung Holisoh M.E. Ti harita novel Sunda teh beuki mekar wae. Ti taun 2000-1n nepi ka aeyuna, loba pisan novel anu medal karya pangarang Sunda. TEma caritana ge beda-beda, luyu jeung kaayaan sosial dina waktu nulisna.Novel Basa Sunda
3. Struktur (Adegan; Unsur) Novel Basa Sunda
Upama nilik jenglenganana, novel teh mibandu unsur atawa struktur instrinsik jeung ekstrinsik. Unsur instrinsik novel teh nya eta hal-hal anu aya patalina jeung kagemblengan carita dina novel, di antarana:
- Tema, atwa jejer, nyaeta hal atanapi gagasan anu ditepikeun ku pangarang dina karyana. HArtina naon-naon anu ditepikeun ku pangarang ker nu maca.
- Palaku, nyaeta tokoh anu ngalalakon atawa anu dilalakonkeun dina carita. Dina novel, umumna palakuna teh manusa biasa, beda jeung dina dongeng, carita pantun atanapi wawacan, palaku na teh makhluk goib, sabangsa jin, jeung sasatoan nu bisa ngomong. Tokoh-tokoh dina novel mah umumna mibanda watek atawa karakter sakumaha kahirupan manusa biasa, aya nu sabar, barangasan, babarian, bageur ,jujur, tukang linyok bohong, jste. Cindekna, unggal palaku mibanda karakter atawa watek saperti manusa sakumaha nu sok kapanggih dina kahirupan sapopoe.
- Latar atanapi seting, nyaeta waktu jeung tempat lumangsungna kajadian dina carita. Latar tempat umumna bisa di kota, dewa, atawa di sakola. Ari latar waktu, biasa dicirian ku jam, tanggal, taun, beurang atawa peuting.
- Galur atanapi plot, nyaeta jalanna carita atawa runtuyan kajadian dina carita. Galur dina carpon aya nu marele (maju), mundur, jeung aya oge anu mobok di tengah (flashback).
- Amanat nyaeta hal-hal anu ditepikeun ku pangarang dina carita novel. Amanat bisa kapanggih ku nu maca sanggeus neuleuman eusi caritana. Biasana ngandung piwuruk atawa hal-haal anu bisa ditulad.